Tibet dina Kakawasaan Yuan

Tibet dina kakawasaan Yuan nyoko kana kakawasaan Dinasti Yuan ka Tibet kira-kira taun 1270 nepi ka 1354. Salila kakawasaan Yuan di Tibet, éta wilayah sacara struktural, militér, jeung administrasi pamaréntahan dikadalikeun[lower-alpha 1] ku Dinasti Yuan Mongol, salah sahiji bagian ti Kakaisaran Mongol. Dina Sajarah Tibet, kakawasaan Mongol dimimitan sanggeus Sakya Pandita nyangking kakawasaan di Tibet ti Mongol dina taun 1244, sanggeus Tibet diéléhkeun ku Mongol taun 1240 nu dipingpin ku jenderal Mongol kalayan nyangking gelar doord darkhan.[1] Ieu pamaréntahan disebut ogé Dinasti Sakya luyu jeung ngaran Sakya Buddhisme Tibet nu dirojongna.

Ieu wilayah mertahankeun tingkat otonomi politik ti lama Sakya anu mangrupa pamingpin 'de jure' Tibet jeung pamingpin spiritual Kakaisaran Mongol. Ngan, kakawasaan administratif jeung militér Tibet tetap aya sahandapeun badan pamaréntah Yuan anu kawentar salaku Biro Urusan Buddhis jeung Tibet, atawa Xuanzheng Yuan, salah sahiji departemén administratif sahandapeun provinsi Song Tiongkok, ngan sacara administratif kaasup kénéh kana Dinasti Yuan. Tibet mertahankeun kakawasaan nominal kana urusan agama jeung politik, ari bangsa Mongol ngokolakeun kakawasaan struktur jeung administratif[2] kana éta wilayah, diwewegan ogé ku intervénsi militér anu lumaku salaku "struktur diarki" sahandapeun kaisar Yuan nu miboga kakawasaan utamana keur kapentingan bangsa Mongol. Salah sahiji pungsi ieu departemén téh nyaéta milih dpon-chen, biasana ku lama kalayan rékoméndasi ti kaisar Mongol di Beijing.[3]


Salah ngutip: Ditemukan tag <ref> untuk kelompok bernama "lower-alpha", tapi tidak ditemukan tag <references group="lower-alpha"/> yang berkaitan

  1. Wylie. p.110.
  2. Wylie. p.104: 'To counterbalance the political power of the lama, Khubilai appointed civil administrators at the Sa-skya to supervise the Mongol regency.'
  3. Dawa Norbu. China's Tibet Policy, pp. 139. Psychology Press.

© MMXXIII Rich X Search. We shall prevail. All rights reserved. Rich X Search